26/01/2018
Klinik Pijat Tunanètra
B A R O K A H
Kapungkur, di jalan Panorama (Kaptèn Abdul Hamid) Bandung aya Klinik Pijat Tunanètra JARIMA, anu kawèntar pisan. Sataun ka pengker, èta klinik pijat tèh tutup, margi tempatna dianggè ku tentara. Sim kuring sebagainyah penggemar berat JARIMA, ngaraos kuciwa.
Sabada ditutup, seueur mantan padamel JARIMA anu kadungsang-dungsang, teras ngurihit ka sim kuring sangkan nyayagikeun tempat kanggè muka panti pijat gegentosna. Ahirna, sareng genep urang mantan tukang pijet JARIMA, teras muka Klinik Pijat Tunanètra BAROKAH, nembè saminggu dibukana.
Mangga, bapa-bapa sareng akang-akang, bilih badè nyobian dipeuseul di BAROKAH, kantun sumping wè ka Jalan Setiabudi No. 226 Bandung (pèngkolan jalan Panorama). Tiasa dipeuseul di tempat, tiasa ogè panggilan. Asal masih di Kota Bandung, mangga ka mamana ogè baris dijajapkeun.
Jasa pijetna mung Rp 50.000,- perjam ditambih ongkos ojèg (upami panggilan, gumantung tebihna).
Kanggè istri, disayogikeun tempat pijet husus, sakantenan tiasa sareng dilulur.